Duriat Teu Sarasa - Cianjuran - Bunga Dessri (LIVE)

preview_player
Показать описание
Sampurasun... Simkuring Bunga Dessri, nuju diajar ngawih Sunda. Mugi katampi. :)
Kontak: 082110004427

***

Lagu: Duriat Teu Sarasa
Lagu/rumpaka: Bakang A
Music/karaoke : Seler Pakuan Entertainment (Kang Yusdiana Official)

Lirik/rumpaka:
Nete akar ngeumbing jangkar
Nanjakna jalan satapak
Maksad nyalayakeun diri
Sugan lalugina pikir
Niiskeun panasna hate
Diréraban ku manehna

Anu tega kaliasan
Ngan kunaon duriat teu daék milu
Keukeuh beurat ka manéhna
Duriat nu teu sarasa

Cangreudna, teu weléh pageuh
Meungkeut kuring jeung manéhna

Ngumbar lamunan nyorangan
Dina iuh iuh rungkun
Bari nyawang kingkilaban
Badis anu ngagupayan
Meuli-meuli nu keur nyeri
Ceuk aral mah hayang ajal

Asa peunggas pangharepan
Na kunaon duriat teh teu sarasa
Matak suméléket haté
Nalangsa dilara-lara

Peurih asa dituturih
Cing angin pangniupankeun

***

Produksi:
Raden Bangun Nurraga
PANTHERA STUDIO (2022)
Рекомендации по теме
Комментарии
Автор

Alhamdulillah ayeuna abah cibaduyut teh aya rencang pami bade kulem aya rencang nu mepende ku kawihna neng bunga asa di ayun ambing nuhun neng wilujeng

sunaryoindra
Автор

Aduh sararedih teuing ieu rumpaka pakeukeuh keukeuh sapertosna. Rsoseun pisan teh Bunga asa dipepende nuju gegelehean dugika lelenggutan. Cobi anu mirigna tim Puspa Karima sapertosna langkung teleb.

martonistmt
Автор

Teu Aya bosen na ngadangu lagu iyeu❤️❤️❤️

AllZaky-qicj
Автор

Alhamdulillah sae mugia tambih sukses 🙏

dikdik
Автор

Ieu lagu ni dipikahoyong ku kang redy th asa di keukeupan ku papaes hate. Semangat na kange neng bunga👍👍

redisonjayabearpaw
Автор

Neng kereeen wilujeng mugi saterasna sukses

mamahdasimah
Автор

Good luck, bungaaa. Big hug from Singapore ❤️❤️❤️

agwinda
Автор

MANGBAKANG = MAKUTA NGAWANG BAWANING KARAHAYUAN NGABUANA...
MANGBAKANG = MANGRUPA BAWA KANG ANGLING KALANGENAN...

banyakduit
Автор

Mugia, teh bunga langkungan sukses, na raraga misi kanggo ngamajengkeun seni tradisi Sunda.

yusufwiradiredja
welcome to shbcf.ru