Pageuh Tekad - Bunga Dessri - Cianjuran - Lagu Sunda (LIVE)

preview_player
Показать описание
Sampurasun... Simkuring Bunga Dessri, nuju diajar ngawih Sunda. Mugi katampi. :)
Kontak: 082110004427

***

Lagu: Pageuh Tekad
Lagu/rumpaka: Bakang A
Music/karaoke : Seler Pakuan Entertainment (Kang Yusdiana Official)

Lirik/rumpaka:
(1)
Tapi tina pageuh tekad
Moal sagala dipikir
Abdimah geus bibilasan
Estuning kumaha milik
Ngan ditampa jeung ditampik
Teu kudu dipikir bingung

-Gelenyu-

Rek lahlahan, luluasan
Itung-itung ngitung diri
Untung rugi, untung rugi...
Aya di badan sorangan

(2)
Abdimah moal kapalang
Sanaos ka sanes tanding
Kajeun raga nadah pejah
Tinimbang jeung henteu hasil
Da asa kacida teuing
Nyiksa teh saumur-umur

-Gelenyu-

Paribasa kacapangan
Bade ngawula migusti
Sing sarua, sing sarasa
Manehna kapengpeongan

***

Produksi:
Raden Bangun Nurraga
PANTHERA STUDIO (2023)
Рекомендации по теме
Комментарии
Автор

Neng abah ngantosan kawih nu enggal, abah tos kangen asa tos sataun we raraosan teh teu ngadangu kawih enggal teh bunga nu bageur tea.

sunaryoindra
Автор

Neng bunga wilujeng ibadah saum mugi ibadah na di tampu ku Alloh swt, kenging barokah sareng kakiata ngajalanken ibadah saum na amiin.

sunaryoindra
Автор

Duh poto teh bunga di kawih pageuh tekad meni geulis bari imut ngagelenyu, cing neng agehan nu sanes nya geulis teh di se epkeun ku nyalira karunya batur 😊😊😍😍

sunaryoindra
Автор

Alhamdulillah raoseun teh, mani asa dipepende, haturnuhun ah.

martonistmt
Автор

Konsisten dan terus bergerak - menggerakkan

dadanandana
Автор

Saur abah ge pasti raosen kawih lumengis ka gagas abah teh, deudeuh neng, nuhun ka tampi ku abah kawih na, wilujeng neng panangtayungan ti Alloh nyarengan amiin yrb.😐😐😚😚

sunaryoindra
welcome to shbcf.ru