SAWER PANGANTEN ASLI

preview_player
Показать описание
Assalamu'alaikum wilujeng sumping di channel Anggi Nesta Official, channel ilmu pengetahuan dan budaya Sunda. mangga kanu priyogi rumpaka Sawer parantos sayogi dina kolom komentar atanapi tiasa ninggal ti palih dieu.

Rumpaka Sawer Panganten
Kinanti

Nyukcruk galur ti karuhun
Nutur lacak para wali…
Nyambuang ka balarea…
Titinggal ti nini aki
Ngawaris kabudayaan…
Seni Sunda sawer asli…

Neda agung cukup lumur
Neda jembar pangraksaning…
Bilih aya kalepatan…
Wireh ayeuna simkuring
Nyawer anu pangantenan…
Nyanggakeun mugi katampi…

Ku hidep muga diturut
Pepeling ngait na ati…
Pigeusaneun hirup mulya…
Ngarandapan laki rabi
Ngamudina rumah tangga…
Sangkan panggih tingtrim ati…

Ku Euis puputon kalbu
Mugi hidep sing nastiti…
Mapag alam rumah tangga…
Ka panutan sing gumati
Tuturkeun dunya akherat…
Kitu kawajiban istri…

Piwuruk Euis sakitu
Catet dina sanubari…
Kantun ieu pamegetna…
Aduh Asep deudeuh teuing
Ieu piwulang tarima…
Regepkeun ku ati suci…

Asep mimiti diwuruk
Dangukeun ku dua cepil…
Simpen na manah nu jembar…
Ayeuna mah beda deui
Jaman hidep lalagasan…
Teu aya anu meredih…

Ti wanci ieu kapayun
Asep kedah taki-taki…
Nyubadanan kawajiban…
Ngurus ngatur laki rabi
Anu ka dada ka iga…
Geusan Asep hirup mukti…

Saur Rasulullah estu
Rejeki mah tetep muhit…
Kawas arek hirup lana…
Tapina kudu sabanding
Jeung ibadah nu tong pegat…
Sing kawas ajal rek tepi…

Gening nyawer teh sakitu
Mugi panganten sakalih…
Runtut raut sauyunan…
Ka cai jadi saleuwi
Ka darat jadi salebak…
Jauh bala parek rizki…

Amin Ya Rabbal ‘alamin
Mugi Gusti nangtayungan…

Wur-awur beasna di awur…
Wur-awur beasna di awur…
Wur-awur beasna di awur…
Рекомендации по теме
Комментарии
Автор

Rumpaka Sawer Panganten
Kinanti

Nyukcruk galur ti karuhun
Nutur lacak para wali…
Nyambuang ka balarea…
Titinggal ti nini aki
Ngawaris kabudayaan…
Seni Sunda sawer asli…

Neda agung cukup lumur
Neda jembar pangraksaning…
Bilih aya kalepatan…
Wireh ayeuna simkuring
Nyawer anu pangantenan…
Nyanggakeun mugi katampi…

Ku hidep muga diturut
Pepeling ngait na ati…
Pigeusaneun hirup mulya…
Ngarandapan laki rabi
Ngamudina rumah tangga…
Sangkan panggih tingtrim ati…

Ku Euis puputon kalbu
Mugi hidep sing nastiti…
Mapag alam rumah tangga…
Ka panutan sing gumati
Tuturkeun dunya akherat…
Kitu kawajiban istri…

Piwuruk Euis sakitu
Catet dina sanubari…
Kantun ieu pamegetna…
Aduh Asep deudeuh teuing
Ieu piwulang tarima…
Regepkeun ku ati suci…

Asep mimiti diwuruk
Dangukeun ku dua cepil…
Simpen na manah nu jembar…
Ayeuna mah beda deui
Jaman hidep lalagasan…
Teu aya anu meredih…

Ti wanci ieu kapayun
Asep kedah taki-taki…
Nyubadanan kawajiban…
Ngurus ngatur laki rabi
Anu ka dada ka iga…
Geusan Asep hirup mukti…

Saur Rasulullah estu
Rejeki mah tetep muhit…
Kawas arek hirup lana…
Tapina kudu sabanding
Jeung ibadah nu tong pegat…
Sing kawas ajal rek tepi…

Gening nyawer teh sakitu
Mugi panganten sakalih…
Runtut raut sauyunan…
Ka cai jadi saleuwi
Ka darat jadi salebak…
Jauh bala parek rizki…

Amin Ya Rabbal ‘alamin
Mugi Gusti nangtayungan…

Wur-awur beasna di awur…
Wur-awur beasna di awur…
Wur-awur beasna di awur…

AnggiNestaOfficial
Автор

Masya Alloh hatur nuhun pisan suantena merdu pisan masih Anom tiada nnyawer panganten

EntinRustini-eeoq
Автор

Mantap kasih sawer nya semangat sukses selalu👍

lezatmantap
Автор

Iyamas trimakasih
Saya suka kareter suaranya enak d dengar

Bekasi-inyj
Автор

Ya Alloh AA Merinding, Asa hoyong Di Sawer Deui 😄😄😄AA Hatur Nuhun, Ngupingna, Papatah Kanggo Panganten, 😭😭😭

yayahhalimi
Автор

Meni raoseun kidung sawer panganten na

mariodirty
Автор

Masya allah hoyong pisan di sawer panganten di acara resepsi ank abdi tanggal 12 oktober, ya allah mudah2 han kalaksanakeun jng ka wujud jng aya rezeki na🤲🤲

SitiSumarsih-ef
Автор

Alhamdulillah aya penerus anu ngamumule budaya Sunda, lajengkeng👍👍👍

achsannug
Автор

Suarana mani raoseun..kumaha trikna kanggo ngalemeskeun sora sareng panjang nafas

atanghidayat
Автор

Suara ni halimpu kasep nu ngamumule urang sunda mah moal ay nu gagal salam t Garut

AdamHoliQ-ye
Автор

alhamdulilah
masi aya nu tiasa sawer panganten asli🤲 mugia sing langkung jaya langkung sukses cenel ieu ya aloh amin ya aloh ya robal alamin🤲🤲🤲

AyiRukmini-zyow
Автор

Sae kasep lanjeungken seni Sunda saweran pangaten
Lestarikan budaya seni Sunda

cll
Автор

Aduh eta suanten mani halimpu kits Asa ka gagas nuju Nikah tos teu gaduh ibu rama

untasaid
Автор

Subhanallah eta suanteun na Matak nyereed kanu hate teu karaos cimata Abi meureubeuy Dina Soca 😭😭

abbimayun
Автор

Mantaaap ketika sy nikah tahun 1990, di sawer emang syairnya begitu, entah siapa sang penciptanya sampai sekarang syairnya lestari semoga Sunda tetap berkarya.

nanasumarna
Автор

Assalamu'alaikum..
Jazaakalloohu khoiiir Kana elmuna..

riyannuraeni
Автор

Maasya Alloh tabarrakallah mantap suara Antum ana suka banget.. Semoga kalo ana nikah pengen Antum yg nyawer

isakisak
Автор

Aduh iyeu suwanten Matak ngageteur Kana manah 👍

danurwendawenda
Автор

tah kitu.masih aya keneuh pamuda nu ngajunjung kabudayaan pasundan.sukses selalu kanggo aa na❤

diatdiat
Автор

Wuuurr, , , acis na awurkeun, , , anggi teu kengeng hilap kanjut kundangna alungkeun k dieu, , , 😊

orangsunda
visit shbcf.ru