Runtah - Lirik || Era Syaqira

preview_player
Показать описание

Lirik :
Panona alus irung alus biwir alus
Ditempo ti hareup ti gigir mani mulus
Ngan hanjakal pisan kalakuan siga sétan
Gunta ganti jalu teu sirikna unggal minggu

Naha kunaon nu geulis loba nu bangor
Naha kunaon nu bangor loba nu geulis
Siganamah ngarasa asa aing hadé rupa
Bisa payu ka sasaha tungtungna jadi cilaka

Kulit kelir konéng cangkang cau
Huntuna bodas tipung tarigu
Biwir beureum beureum jawér hayam
Panon coklat kopi susu

Ngan naha atuh bet dimumurah
Géblég hirup daék jadi runtah
Ulah bangga bisa gunta ganti jalu
Komo jeung poho dibaju
Рекомендации по теме